SAMBUTAN DARI BAPAK LILI RAMLI

Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Inilah Website Resmi Bapak Lili Ramli sebagai wadah untuk menularkan Ilmu Pengetahuan dan Teknologi, khususnya Materi Bahasa Indonesia, TIK, dan Materi Umum Lainnya.
Mudah-mudahan bermanfaat bagi kita semua.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

PIDATO SAMBUTAN MIELING LAHIRNA RASULULLAH SAW

Assalamu’alaikum wr. wb.
Sadaya puji kagungan Allah, nu Maha Jembar Pangampura nu Maha Asih Maha Pinuju, nu Maha Luhung, nu Maha Agung, sholawat sareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang, Muhammad saw. oge ka kulawarga sareng ka para sohabatna.
Kacida bagjana jalmi-jalmi anu ngaraos isin ku Allah, sabab rasa isin jeung ajrih ku Allah bakal ngadorong raga jeung jiwana, ngestokeun dawuhan Allah ngalaksanakeun ibadah nu wajibna boh anu sunnatna. Sabab yakin yen ibadah teh salian ti keur kamaslahatan di dunya ieu, oge keur sampeureun jaga di yaomal jaja. Ku kituna mangga urang sasarengan taliti sareng gumati ngabakti ka Maha Suci. Yuswa ulah di monyah-monyah kana hal-hal nu teu aya mangpaatna, komo deui mun kana hal-hal nu matak cilaka kana awak. Umur urang diukur, napas urang di alas, lamun teu dipake bakti ka Maha Suci awak urang nu bakal katempuhan, eusina napas urang ku dikir ka Allah sing emut kana Rahman sareng Rahimna Allah, utamina ni’mat iman sareng Islam.
Para saderek sadayana, sasih Robiul Awal, tos teu bireuk deui pikeun urang sadaya, sasih Robiul Awal teh katelah sasih Mulud, sasih dibabarkeunnana Kangjeng Rasulullah saw. opat belas abad nu kaliwat, Rasul kakasih Allah, panutup sakabeh Nabi Imamna sakabeh Rasul; nu nyandak rahmat keur sagemblengna alam. Muhammad Rasulullah, nu lahir dina dinten Senen tanggal dua belas Rabiul Awal taun Gajah.
Para saderek sadaya, kirang langkung genep ratus taun lamina saba’da pupusna Nabi Isa a.s. masarakat dunya umumna, hususna di tatar Arab, waktu harita moral manusa kacida rujadna, manusa-manusa nyembah kana berhala; patung-patung nu meunang nyieun manegna sorangan, mun dipikir ku pikiran anu sehat mah naon anu disembah ku maranehna leuwih rendah darajatna tibatan maranehna.
Dina widang kahirupan sapopoe, nu beunghar nindes nu miskin, ku kuat ngagencet nu lemah, nu kawasa ngakaya ra’yat biasa, cindekna geus teu aya geusan panyalindungan lir ibarat hukum “rimba” saha nu kuat manehna anu kawasa. Nya dina waktu harita dibabarkeunnana Rasulullah, pamingpin di medan juang, pahlawan anu utama, tokoh nu teu aya tandingna, tukang ngahubungkeun silaturahmi, tukang bela ka nu sangsara, tempat panyalindungan kaom nu leutik, Abdina Allah anu sagemblengna kahirupan anjeunna dibaktikeun tina kapetengan kana nur cahaya. Jasa-jasana dibuktikeun ratusan juta umat manusa, unggal waktu nyebut-nyebut jenenganana, mieling jasa-jasana, neuleuman jeung nalungtik pangajaran jeung tuntunan anu dicandak ku anjeunna. Rasul Allah, ahli sejarah, ahli filsafat, ahli ilmu masarakat, ilmu jiwa, ilmu ketatanegaraan, jeung nu sejenna. Rasul Allah nu nyandak hak nu ngamusnahkeun kabatilan, kakufuran, kamusyrikan, jeung kasasaran, dina gerak jeung paripolahna jadi padoman keur hirup jeung kahirupan urang.
Urang salaku umat Islam tiasa metik eusi tina mieling dibabarkeunnana Rasulullah saw.. Singketna beresihan taohid urang pinuhan ku kayakinan, ulah boga panyalindungan salian ti Allah. Terapkeun Sunnah Rasulullah dina sagala widang kahirupan pageuhan tali persaudaraan, buktikeun tanda nyaah ka tatangga ka baraya, ramekeun sholat berjamaah di masjid, biasakeun laku adil jeung jujur.
Sakitu sambutan ti sim kuring, mugi-mugi Allah masihan rahmat sareng hidayah ka urang sadayana.
Wassalamu’alaikum wr. wb.